Senin, 14 Mei 2012

Mooi Garoet




Moal aya nu kiwari mun euweuh nu bihari” kitu kira-kira cek babasan mah, moal aya anu ayeuna mun euweuh nu baheula. Mooi Garoet (Garut Éndah)

Nyoréang Alam Ka Tukang
Dumasar kana kawijaksanaan Raffles anu ngaluarkeun putusan 16 Pebruari 1813 yén Kabupatén Limbangan diadegkeun deui, nu jadi bupatina Radén Tumenggung Adiwijaya (Abdul) –asalna mah jadi bupati Parakanmuncang. Puseur dayeuhna Suci. Distrik anu asup ka wewengkon Kabupaten Limbangan : Wanakerta; Wanaraja; Suci; jeung Panémbong. Sedengkeun Distrik Limbangan diasupkeun ka kabupatén Bandung jeung ganti ngaran jadi Balubur Limbangan. Rd. Adipati Adiwijaya (tedak ménak Sumedang; putrana Pangéran Kornél) maksakeun néangan deui tempat anu leuwih merenah. Panitia pikeun néangan tempat téh manggihan tempat di daérah Cimurah anu padatarana lega ngan hanjakal hésé cai (lembur Pidayeuheun), tuluy néangan ka kuloneun Suci manggihan padataran lega tur pamandangana éndah dipager ku gunung-gunung.
Wewengkon anu engkéna dingaranan Garut, ngabogaan pamandangan anu éndah dikuriling ku gunung-gunung : Gunung Srimanganti (Cikuray); Gunung Kutu (Guntur); Gunung Papandayan; Gunung Talagabodas: jeung Gunung Cakrabuana.
Gunung Papandayan bitu rongkah ping 11 – 12 Agustus 1771 anu ngalantarankeun ancurna sabagéan awak gunung nepi ka ngabentuk kawah tapal kuda. Aktif deui ping 11 Maret 1923 jeung 9 Maret 1925, waktu kawah Papandayan (kawah Emas) ngagolak. Sanggeus istirahat panjang, gunung Papandayan bitu deui 11 November 2002.
Dina taun 1800 nepi ka 1847, gunung Guntur kungsi bitu 21 kali. Ti mimiti taun 1847 éta gunung Guntur geus teu bitu deui, kaayaan kitu téh ngabalukarkeun perkembangan kota Garut jadi ngaronjat –utamana dina wisata. Kusabab kahirupan wisata beuki mekar, ieu kota nampa landian Mooi Garoet (Garut Éndah) –buku wisata The Garoet Express and Tourist 1922 : “Garoet the Hill Town of the Future”.
Ku urang Éropa, Garut kawentar jadi kota pelancong anu nawarkeun kaéndahan alam nu béda jeung kota wisata lainna. Énsiklopedia Hindia Walanda taun 1917, nyebutkeun : Garut sebagai salah satu tempat yang terindah di Jawa dengan iklim nyaman dan lingkungan yang sangat digemari oleh orang-orang Batavia (Jakarta).
ti kiwa ka tengen : Chaplin jeung Mary Pickford, Chaplin mun keur manggung, Chaplin jeung Paulette Goddard
Charlie Chaplin –béntang komedian Hollywood Amerika Serikat, geus 2 kali liburan ka Garut mangsa taun 1927 jeung 1935. Stasion Cibatu Garut, jadi sajarah kadatangan béntang anu kawentar ku kumis anu ngan sauted. Munggaran datang dibaturan ku Mary Pickford –artis Kanada anu meunang Piala Oscar, nu kadua kali na mah jeung geureuhana kuanjeun Paulette Goddard –dina kadatangan anu mindo ieu, Charlie Chaplin méré jujuluk ka Kota Garut “Switzerland van Java”. 
PM Georges Clemenceau




Lain ku bentang Hollywood wungkul, stasion Cibatu Garut pernah katincakna téh. Georges Clemenceau –Perdana Menteri Perancis- ogé kungsi ka Garut dina taun 1920-an. 






Gubjen Dirk Fock waktos di Hotel Ngamplang sareng lalayaran di Situ Bagendit.
Ti kawit persiapan kanggo nyambut kasumpingan Dirk Fock, dugi ka anjeunna ngarongheap ka Garut
Seremonial (Upacara Penyambutan) kasumpingan Dirk Fock di Garut
Inohong Walanda ngiringkeun Dirk Fock, teu kantun ku pintonan adu domba has Garut
Bilih Dirk Fock hoyong amengan ngitung lembur milangan kori, teu hariwang da tos disayogikeun alat transportasi kuda.
Gubernur Jendral Dirk Fock nuju curak-curak sukan-sukan di Bagendit Banyuresmi Garut.
Teu kantun Gubernur Jendral Hindia Walanda Dirk Fock, ngersakeun sumping ka Garut dina ping 18 dugi 20 September 1921.

Princes Astrid & King Leopold III





Kitu deui Raja Leopold III ti Belgia sareng garwana Putri Astrid, datang ka Garut dina taun 1928. 






Renate Muller (palih kiwa), Hans Albers (palih tengen)
Inohong lainna nu datang ka Garut, nyaeta : Renate Muller  jeung Hans Albers –dua-duana panyanyi ti Jerman. 




Pakubuwono X sareng bojo (poto kiwa), PB X di tengah diapit ku Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa caket tihang kiwa (poto tengah), Pakubuwono X (poto tengen)
Susuhunan Pakubuwono X ti Surakarta oge kantos sumping ka Garut taun 1936 sareng nginep di Hotel Papandayan. Teu kantun dina taun 1946, kareta luar biasa Presiden Soekarno miwah Wakil Presiden Mohammad Hatta oge transit heula di stasion Cibatu mangsa nganteurkeun aranjeunna ka Garut –direncangan ku ibu Fatmawati Soekarno sareng ibu Rachmi Hatta.
Malihan Ratu Walanda –Wilhelmina- ogé, apanan gaduh peristirahatan khusus di wewengkon Palalangon Lélés Garut.
Hotel Ngamplang ti payun (poto luhur), ti pengker (poto handap)








Unggal poé di stasion Cibatu, diparkir losinan limousine jeung taksi milik hotél-hotél di Garut. Diantarana baé : Hotél Papandayan, Villa Dolce, Hotél Belvedere, Hotél Van Hengel, Hotél Bagendit, Villa Pauline, jeung Hotél Grand Ngamplang.







Cipanas Tarogong




Taun 1927 Bupati Garut RAA Suria Kartalegawa, ngaresmikeun pamandian cai panas di Cipanas Tarogong. Pamandian Cipanas Garut tug ka kiwari pada ngadeugdeug ku balaréa lantaran dipercaya bisa nyageurkeun sanéskanten panyakit kulit.






Tuan Walanda keur ngaroris perkebunan.
Lian ti éta, Garut ogé kasohor jadi kota perkebunan –utamana : entéh; karét; jeung kina. Perkebunan anu dikokolakeun ku para pangusaha swasta Walanda lolobana di wewengkon : Giriawas; Cisaruni; Cikajang; Papandayan; jeung Darajat.
Tangkal entéh (camellia sinensis) asalna ti Tiongkok, Cina. Mimiti asup ka nusantara taun 1648 (1684?) mangrupa siki entéh ti Jepang anu dibawa ku Andreas Cleyer urang Jerman –dipelak jadi tanaman hias di wewengkon Tijgersgracht (elite) Batavia. Taun 1694 perdu entéh ngora ti Cina, mekar di Taman Istana Gubernur Jendral Champhuys di Batavia. Taun 1728 Vereenigde Oost-indische Compagnie (VOC) mawa siki entéh jeung buruh Cina ka pulo Jawa. Taun 1824 entéh dipelak di Sland Plantentium te Buitenzorg (Kebun Raya Bogor) anu satuluyna taun 1826 dikembangkeun di sabudeureun Buitenzorg (Bogor). Taun 1827 entéh dipelak di Garut-afdeling Limbangan, saterusna dina taun 1829 dikembangkeun di Cisurupan (Garut) jeung Wanayasa (Purwakarta). Entéh ti pulo Jawa mimiti diiangkeun jeung ka tarima di Amsterdam dina taun 1835. Mekarna perkembangan entéh di tatar Sunda, teu leupas tina peran The Jonkers van Preanger nyaeta para “Pangeran Enteh Priangan” atawa “Preanger Planter” ti kawit taun 1840-an. Para pangusaha entéh asal Walanda éta, nya éta : Guillaume Louis Jacques van der Hucht di Parakan Salak Sukabumi (1844); jeung Karel Frederick Holle di Perkebunan Waspada Garut (1865). Tumuwuhna perkebunan entéh di pulo Jawa, beuki tambah mekar waktu taun 1877 dikenalkeun jenis entéh Assam ti India jeung Ceylon (Srilanka) anu dipelak ku R.E. Kerkhoven di Kebon Gambung Jawa Barat. Asupna entéh Assam, lila-lila ngaganti entéh Cina –komo sanggeus dikenalkeun di Bumi Parahyangan ku urang Walanda mah.
Keur wewengkon Garut, Pamaréntah Walanda méré kahormatan ka KF Holle kana yasa-yasana ku jalan nyieun patungna di alun-alun jeung ngajadikeun ngaran jalan di Garut –Jalan Holle/Mandalagiri.
Tukang ngasaan enteh di Waspada Cikajang
Ngaramu campuran entéh nu nikmat, henteu bisa sagawayah jeung lain pagawéan anu gampang. Kulantaran hasil entéh keur iangkeuneun ka Éropa, atuh méméh diiangkeun téh kudu diasaan heula ku urang Eropa. Tiap-tiap perkebunan entéh di Garut, ngabogaan tukang ngasaan ti bangsa Eropa.
Biasana si bulé nyicikeun ci entéh tina téko kana cangkir terus diasaan, ci entéh nu geus diasaan diutahkeun deui kana cangkir. Keur nganétralkeun deui biwir atawa létah tina rasa entéh anu bieu diasaan, si bulé kudu udud. Geus kitu kakara si bulé ngasaan deui entéh-entéh nu lainna saperti tadi.
Para pagawe di perkebunan karet Bunisari-Lendra Cisompet Garut, onderneming van Pirelli taun 1925

Dalem Bintang
Walungan Cimanuk, paranti Dalem Bintang munday.

Disagédéngeun pamandangan alamna nu éndah, Garut ogé nawarkeun wisata moro binatang,  ka palancongna. Dugi ka taun 1920, di sabudeureun Garut masih kénéh loba binatang buruan kaya-kayaning : macan coréléng; macan kumbang; badak; bagong; anjing leuweung; japati liar; uncal; tug nepi ka buaya. Promosi ngeunaan hewan buruan di Garut, loba dipublikasikeun ku The Garoet Express and Tourist Guide Geillustreerd Weekblad edisi 2 Februari 1923.



Moro maung di Garut taun 1920
Moro binatang téh ti mangkuk Dalem Bintang (RAA Wiratanudatar VIII) kénéh ogé geus dilakonan, malahan kagiatan anjeunna diantarana :
1.    Di basisir kidul aya leuweung larangan (moal salah, leuweung Sancang téa) paranti Dalem bubujeng uncal jeung bagong. Tara kurang ti 2 uncal, biasana mah dibagikeun ka paburu-paburuna.
2.    Aya Cimanuk larangan paranti Dalem munday, heurapna damelan Dalem kuanjeun. Beunteur; lélé; bogo; beureum panon; jeung jongjolang anu dialana.
3.    Pasir Tujuhpuluh di wewengkon Cikajang sok dipaké bubujeng uncal ku Dalem bari nganggo panganggo beureum, kaos panjang, bedil jeung landepan anu tungtungna inten.
4.    Kuda Dalem leuwih ti 40, mun ngadu kuda aya kana 5 atawa 7 kuda anu dibalapkeun. Raména iring-iringan; angklung jeung badud, upama kuda Dalem meunang.
Mun lebaran, ti suklakna ti siklukna urang padésaan kumpul di alun-alun. Pukul 5 Subuh, Dalem angkat ka masjid dipapag ku haji-haji. Waktu mulihna, mariem diseunget, gamelan ditabeuh, istri-istri priyayi marunjungan. Tidinya, Dalem gentos panganggo, pukul 9 tunggang karéta ka kaasisténan nyarioskeun hal lebaran, pukul 11 beurang résépsi di kabupaten.
Di alun-alun salawasna aya raraméan ngadukeun maung jeung munding, kolong babancong disarigsig beusi paranti nunda maung mun rék diadukeun.
Ngadu domba di alun-alun Garut.

Ngadu domba jeung ngadu bagong mah geus teu kacaturkeun (matak nepi kaayeuna, domba Garut mah sohor minangka domba aduan).
Ti peuting diayakeun nayuban nepi ka jam 8 beurang.
Katompérnakeun, Dalem meunang 7 taun teu damang. Kungsi damang deui lantaran mindeng ngebak di laut (singhoreng cai laut kidul tiasa janten landong nyéhatkeun awak).
Waktu pagebug koléra di basisir Kidul (Desember 1909), beurang peuting Dalem tunggang karéta atawa kuda ngawurukan rahayat anu rék kalabur kajauhna –sangkan ulah tulus kaburna. Kana yasana dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, pamaréntah Hindia Walanda ngalangkungan gupernemen, maparin nugraha Bintang Officier in de Orde van Oranje Nassau jeung Bintang Emas. Ku kituna, bupati Garut RAA Wiratanudatar VIII nelah Dalem Bintang.

Wisata Kuliner
Malahan kanggo urusan kadaharan atawa “wisata kuliner” pikeun ngogo wisatawan anu datang ka Garut, The Garoet Express and Tourist Giude Geillustreerd Weekblad nyantumkeun kosa-kata jeung kalimat-kalimat paréntah praktis ngeunaan kuliner dina basa Inggris; Walanda; katut basa Malayu anu bisa digunakeun ku wisatawan.
Ieu contona :
Boy bring me a Menu, a winelist, icewater, sodawater, whiskey and soda’ (Inggris)
Jongen breng een menu, wijnlist, ijswater, sodawater whisky soda’ (Belanda)
Djongos kassi kartoe makan, kartoe minoeman, aijer ijs, aijer blanda’ (Melayu)
Hurry up fetch ice’ (Inggris)
Haas[t] je haal ijs’ (Belanda)
Lekas ambil ijs (aijer batoe)’ (Melayu)
Atanapi  kosa kata anu aya patalina jeung aktivitas kuliner, peralatan, katut menu seperti:
To boil (Inggris); ko[o]ken (Belanda); masak (Melayu)
To drink (Inggris); drinken (Belanda); minoem (Melayu)
To eat (Inggris); eten (Belanda); makan (Melayu)
To fry (Inggris); bakken/braden (Belanda); goreng (Melayu)
To mix (Inggris); mengen (Belanda); tjampoer (Melayu)
Clean plate (Inggris); schoon bord (Belanda); piring bresi (Melayu)
A knife (Inggris); mes (Belanda); piso (Melayu)
Cold water (Inggris); koud water (Belanda); aijer dingin (Melayu)
Soft boilled eggs (Inggris); zacht gekookte eieren (Belanda); telor stengah mateng (Melayu)
Hard boilled eggs (Inggris); harde eieren (Belanda); telor kras (Melayu)
Bacon and eggs (Inggris); spek met eieren (Belanda); mata sampi sama sepek (Melayu)
Ngantos si Gombar di halteu Cinunuk Wanaraja
Mangsa 1920 nepi ka 1940, pangwangunan kota Garut beuki pesat. Saniskara fasilitas kota mimiti diwangun, saperti : stasion karéta api; kantor pos; apoték; sakola; hotel; oge pertokoan anu dikawasa ku urang Cina, Eropa, Jepang, jeung urang India.
Jaringan karéta api mimiti efektif di pulo Jawa dina ping 1 Oktober 1927, tapi éta ogé masih terbatas rute-na :
o  Batavia (Jakarta) – Buitenzorg (Bogor), 4 kali sapoé.
o  Batavia – Bandung, 4 kali sapoé.
o  Batavia – Garut, 2 kali sapoé.
o  Batavia – Yogyakarta, sakali sapoé.
o  Batavia – Semarang (via Cirebon), sakali sapoé.
Rute ka Garut leuwih remen, ngéléhkeun ka Yogyakarta jeung ka Semarang.
Lian ti éta, The Garoet Express and Tourist Giude Geillustreerd Weekblad nawarkeun paket tour maké taksi borongan :
o  2 days tour to Bandung.
o  3 days tour to Garut.
o  6 days tour to Yogyakarta.
o  10 days tour to Surabaya.


Halteu Lebakjero Garut.
Ti mangsa Walanda kénéh, geus loba model jasa anu disadiakeun ku badan/organisasi pariwisata swasta keur ngembangkeun wisata daérah, saperti :
- Tourist Association Garoet, didirikeun taun 1923
- Tourist Association Magelang, didirikeun taun 1926
- Bandung Vooruit, didirikeun taun 1926
Kagiatan tour di Jawa jeung Sumatera, ti taun 1927 dikokolakeun ku LisLind (Lissone Lindeman)




Poto-poto Panineungan
Kiwa ka tengen, calik : Bupati Sukapura RT Wiratanoeningrat; Bupati Garut RAA Wiratanoedatar VIII; Bupati Sumedang AA Koesoemadilaga; Bupati Bandung RAA Martanagara; Bupati Cianjur RD Nata Koesoemah. Taun 1912.
Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa (calik), Pertemuan Bupati Priangan 1920. Diluuhan ku perwakilan Pamarentah Hindia Walanda.
Garut sok dianggo tempat ngariungna (pertemuan) Bupati-bupati sa Priangan.


Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa (acuk bodas, palih tengen) nuju ngengklak najoeban.




Kasenian Tayuban di Garut sok ditanggap ku para gegeden /priyayi.
Wanoja anu keur ngabatik (palih kiwa), sareng anu keur icalan batik (palih tengen)
Batik Garutan, parantos kaconcara kamana-mana.Sanes mung ku kaum pribumi wungkul dianggona, dalah urang Walanda oge katajieun dugi ka hoyong nganggo kanggo anggeeun sadidinten.
Sarung jeung kabaya batik diaranggo ku urang Walanda
Lucu tur anggun upami ningal nonie Walanda nganggo batik.
Kanggo kabeuratan (buang air besar), geus henteu nganggo sistim Dolbon (modol di kebon) deui.
Pacilingan kanggo kabeuratan
Imah bilik
Wangunan imah tina bilik, ciri has mangsa harita.
Stasiun kareta di Garut, gigireun Kodim 0611 Garut.
Hotel Papandayan kari waasna, nu tinggal kantun nami jalanna : Jalan Papandayan.
Hotel Papandayan Garut, ti luar jeung ti jero rohangannana.
Stasiun kareta api Garut, lawang para palancong pikeun anjog ka kota Garut. Lokasina strategis pisan, bisa langsung reureuh di Villa Dolce atanapi di Hotel Papandayan. Malihan upami hoyong langsung ngeueum di Cipanas, kantun jung da teu patos jauh ti stasiun.

Keur ninun (poto luhur), Pabrik Tenun Garut (poto handap)









Ninun kaen tug nepi ka aya pabrikna.













Suasana Situ Bagendit taun 1920-an, sareng anu keur nyieun garabah (tembikar) di Cibuyutan Bagendit.
Situ Cangkuang Leles, di tengahna aya gundukan Kampung Pulo.
Situ Cangkuang Leles jeung Kampung Pulo.
Situ Bagendit di Banyuresmi, dipika reueus ku urang Garut. Urang Eropa oge -utamina Walanda, seueur anu ngadeugdeug ngahajakeun lalayaran atanapi ngadon niis di ieu situ. Teu kantun, Situ Cangkuang di Leles Garut. Ngirut ka balarea ku candi jeung Kampung Pulo-na.

Wangunan Hotel Ngamplang (poto luhur), pamandangan di palataran hotel (poto handap)
Hotel Ngamplang Cilawu Garut jeung palataranna.
Panorama Hotel Ngamplang ti luar (poto luhur), panorama ti rohangan bilyar hotel (poto handap)
Hotel sareng Villa, angcoeun para palancong anu hoyong ngawengi di Garut. Atuda mapay-mapay tempat wisata di Garut mah, moal cekap ku sadinten-dua dinten. Matak pikabetaheun.
Hotel Cisurupan
Villa Dolce, kiwari mah janten wangunan Islamic Centre.
Villa Dolce di taun 1920-an.
Hotel Cipanas Tarogong Garut, dipasieup ku Gunung Guntur.
 Wisata alam Gunung Papandayan, teu kalangkung pada ngadareugdeug ku para palancong.
Alun-alun Cisurupan sok dianggo reureuh heula ku para palancong anu bade naek atanapi lungsur ti Gunung Papandayan, ngala napas heula.
Ti Maktal sanggeus ngalangkungan sasak anu ka rumah sakit, bakal anjog jeung Lapang Paris.
Mun nagri Perancis ngagaduhan Paris, di Garut mah Paris teh ngaran lapang, nyaeta : Lapang Paris.
Ka Cipanas Tarogong Garut, tumpak keretek dipapaes ku Gunung Guntur.
Jalan ka Cipanas Tarogong Garut, najan leutik tapi resik.
Upami hoyong kokojayan dina cai panas, kantun amengan ka Cipanas Tarogong Garut. Tumpak keretek anu full angin gelebug, matak jararauh panineungan.
Talagabodas jeung paviliun-na.
Panorama Talagabodas, waraas pisan.
Tong hilap ka Talagabodas Wanaraja Garut, matak waas.


Suasana pamukiman di Garut, kagiatan pasar (poto handap paling tengen)
Kiwa-tengen : Jalan Talun sareng Jalan Karangpawitan (luhur). Jalan Ciledug sareng Pengkolan (handap).
Pamukiman; pasar; jalan; sareng pasilitas lain tambih ngaronjat. Ngigelan parobahan jaman. 

Di Pagaden/Pakgade, warga Garut tiasa nambut modal.
Kanggo nunjang ekonomi warga Garut, pamarentah ngadegkeun Pagadean.
Babancong; Pendopo; katut Tugu Holle di Alun-alun Garut.
Babancong anu jadi ikon kota Garut.

Bung Karno di Babancong Garut, 1962.








Mangsa Raden Gahara Widjaja Soeria (Bupati Garut ka-13), Presiden Soekarno taun 1962 biantara di babancong ngaanugrahkeun Garut jadi kota terbersih di Indonesia ku nyerahkeun mangrupa piagam logam –Piagam Adipura, mangsa kiwari mah. Sakaligus ngaanugrahkeun Garut jadi Kota Intanindah; tertib; nyaman.









Nanging satutas éta, pamor Garut nu kawentar kota wisata mimiti nyirorot turun. Ti kawit wewengkon nu dirancang ku Walanda keur jadi kota wisata jeung perkebunan, Garut ngised jadi saperti kota-kota lainna di Indonesia anu tumbuh tak terkendali. Tarékah keur malikkeun citra Garut minangka Swiss van Java ogé, lain pagawéan anu énténg.










Ku kakirangannana, hapunten anu kasuhun.

Mugia aya manpaatna.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar